Ieu Video Klip lagu Indonesia Raya anu (panginten) pertama... Syairna rada benten geura, cobi weh dangukeun...
Sim kuring kenging lagu ieu ti Kang Andreas. Wilujeng
Minggon kamari, abdi dilongok ku Vivi nyaeta rerencangan di Kampus mangsa abdi kuliah di Unpad. Ngan hanjakal, aya sababaraha waktos anu bentrok jeung jadwal kuliah, janten teu tiasa nyarengan anjeunna teras. ieu sabagean foto2 di Genting, KLCC jeung di daerah Dataran Merdeka.
Sok atuh,, saha deui anu bade ngalongok abdi didieu. Kadarieu...kadarieu... kadarieu...
Assalamualaikum baraya sadayana... Abdi bieu pas enjing2, kengeng info ti rerencangan yen Pesawat Garuda Indonesia jurusan Jakarta- Jogja ngabeledug di Jogja. Teu acan oge ieu kareuwas reureup, ayeuna tos aya deui cocobi ti Gusti Alloh. Dina waktos kirang ti sadinten, aya dua musibah. Kamari gempa di Padang (5,8 skala richter), ayeuna tos aya deui musibah anu sanesna.
Ya Alloh,,, Ya Gusti... Ya Rabb... ieu teh cocobi meni teu eureun2 Ya Alloh... Sim kuring seja sujud ka Anjeun, sim kuring nyuhungkeun bangsa ieu dipasihan Kakiatan ku Anjeun Ya Alloh. Amien... Amien Ya Robbal Alamien...
-Bohay-
Bobotoh
Aggregator Blog pertama bagi pendukung klub Liga Sepakbola di Indonesia.
Upami bade gabung, mangga kirim email ka hevi_fauzan@yahoo.com atau kirim komentar di dieu. Hatur Nuhun.